Padamelan Rasul-rasul 20
Sanggeus eta kaributan jempe, Paulus ngumpulkeun umat percaya, diwurukan sangkan hatena taleger. Ti dinya anjeunna amitan, terus angkat ka Makedoni.
Sanggeus mapay Makedoni nguatkeun hate duduluran, terus ka Ahaya.
Di Ahaya meunang tilu bulan, ti dinya seja mulih ka Siria. Barang rek jung, kabujeng uningaeun yen di Siria keur diancam ku urang Yahudi, nu matak mulihna teh rek mapay Makedoni deui.
Ari rerencanganana nya eta Sopater bin Pirus urang Berea, Aristarkus jeung Sekundus urang Tesalonika, Gayus urang Derbe, Tihikus jeung Tropimus urang wewengkon Asia,
sina balayar ti heula, ngadago di Troas.
Ari anjeunna jeung sim kuring mah balayar teh ti Pilipi sabada Hari Raya Roti Teu Diragian. Sanggeus balayar lima poe geus kumpul jeung anu keur ngadarago di Troas. Di dinya reureuh heula saminggu.
Malem Minggu sarerea karumpul seja dahar babarengan. Memeh brak, Paulus ngawuruk heula dumeh poe isukna rek jengkar. Ngawurukna ngagelendut nepi ka tengah peuting.
Kamar loteng nu dipake kumpul raang ku lampu.
Aya perjaka ngaran Etikus diukna dina jandela, nundutan nepi ka les kaheesan tibra pisan, da Paulus terus bae ngagelendut. Eta perjaka tijedag ragrag kana taneuh ti loteng katilu. Barang dijungjung geus teu nyawaan.
Paulus lungsur tuluy nangkubkeun anjeun ngarangkul ka dinya. "Ulah salempang," saurna ka nu sejen, "hirup keneh!"
Anjeunna unggah deui, tuluy mimiti mecah-mecah roti, brak sarerea dalahar. Sabadana anjeunna ngawurukan deui, malah nepi ka bray isuk, tuluy jengkar.
Perjaka tea hirup terus, geus dibarawa ka imahna, sarerea ngarasa senang.
Sim kuring jeung babaturan ku Paulus dipiwarang ti heula kana kapal, balayar ka Asus, megat anjeunna di ditu, sabab anjeunna mah seja badarat.
Sanggeus anjeunna sumping ka Asus, sarerea naek kana kapal, balayar ka Mitilena.
Ti dinya balayar deui, poe isukna geus nepi ka lempengan pulo Kios. Pagetona geus nepi ka Samos, poe isukna deui nepi ka Mileta.
Kersa Paulus moal nyimpang ka Epesus, bisi lila teuing di Asia, sabab anjeunna hoyong buru-buru, lamun kaburu dina hari raya Pentakosta geus aya di Yerusalem.
Ti Mileta Paulus miwarangan ka Epesus, nyaur pamingpin jamaah supaya nepungan ka anjeunna.
Sanggeus maranehna daratang anjeunna tuluy ngalahir, "Aranjeun geus tarerang kana lampah sim kuring sapanjang di aranjeun, ti barang nincak Asia.
Sim kuring ngawula ka Gusti teh teu weleh eling kana kalaipan diri, sering ragragan cipanon, nyorang mangsa cocoba diarah-arah ku urang Yahudi.
Tangtu ku aranjeun karasa yen taya hal anu pimangpa’ateun anu ku sim kuring disalingkuhkeun, anu teu kungsi dituduhkeun atawa diwurukkeun ka aranjeun, boh di tempat umum, boh di imah-imah.
Sim kuring, nya ka urang Yahudi, nya ka bangsa lianna, geus kacida mepelinganana supaya tarobat ka Allah jeung palercaya ka Yesus Gusti urang.
Ayeuna sim kuring teh ku Roh Suci dipundut kudu ka Yerusalem, duka naon anu bakal kasorang di ditu.
Ngan di saban kota sok dituduhan ku Roh Suci, yen sim kuring geus ditunggu ku panjara jeung cocoba.
Najan kitu sim kuring moal rek lebar ku nyawa. Cita-cita taya deui lian ti hayang nganggeuskeun kawajiban jeung pagawean ti Gusti Yesus, nya eta mertelakeun Injil hal sih kurnia Allah.
Sim kuring parantos sagulung-sagalang jeung aranjeun ngawartakeun hal Karajaan Allah. Ayeuna sim kuring parantos ngarasa yen urang teh moal bisa papanggih deui.
Ku sabab kitu sim kuring seja sabalakana bae, yen upama ti semet poe ieu aranjeun aya anu mengpar, geus henteu jadi tanggungan sim kuring deui.
Sabab sakabeh tujuan Allah ku sim kuring geus ditepikeun ka aranjeun, taya anu didingding kelir.
Ku sabab kitu jaga diri ati-ati, jaga sakumna jamaah reh aranjeun ku Roh Suci geus dijieun pangurus jamaah Allah, anu diadegkeunana ku nyawa Putra-Na.
Geus kaerong, engke sanggeus ku sim kuring ditinggalkeun, aranjeun bakal kadatangan ajag-ajag anu moal aya karunyana ka jamaah.
Malah ti aranjeun keneh bakal aya anu ngaliarkeun pangajaran bohong, dipake ngawujuk anu geus palercaya.
Nu matak sing ariyatna. Jeung aringetkeun, tilu taun sim kuring teu luang-luang mamatahan ka aranjeun beurang peuting bari ragragan cipanon.
Ayeuna dulur-dulur ku kaula dipasrahkeun kana panalingaan Allah. Sing mantep percaya kana warta hal sih kurnia-Na. Nya Allah anu kawasa ngadegkeun kapercayaan aranjeun jeung maparin berkah-berkah anu geus disadiakeun keur umat-Na sakumna.
Sim kuring ka aranjeun tara barangpenta boh duit, boh pakean.
Aranjeun terang sorangan, pikeun nyukupan pangabutuh sorangan jeung babaturan teh kaula digawe make tanaga.
Dina sagala hal kaula nyontoan ka aranjeun yen kudu getol baranggawe, jeung kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ‘Leuwih bagja mere ti batan nampa.’"
Tamat ngawurukan, anjeunna tapak deku, neneda jeung sarerea.
Ti dinya kabeh mani careurik tingsalegruk, Paulus pada ngarangkulan jeung pada mileuleuyankeun.
Liwat saking naralangsaeunana, pangpangna mah kagagas ku kasauran Paulus yen moal bisa papanggih deui. Geus kitu Paulus pada ngajajapkeun kana kapal.